Padepokan Baraya Sunda

Indonesian is the main language of Padepokan Baraya Sunda facebook group. Having alot of group type in Facebook: close, open and secret and it is a CLOSED group. There are 7,363 participants in that group. So it is a Large group. 1437939373117443 is the identifier of this group with Facebook. 2015-02-24 20:51:29 is the closest date we have information about it.

Grup Padepokan Baraya Sunda (PBS) mangrupikeun Grup nu anggotana sumping ti wewengkon jawabrat atanapi timana wae, pituin urang sunda atanapi anu micinta kana Basa lan Budaya Sunda.
Anggota tiasa ngusulkeun calon anggota ti luar wewengkon jawabarat nu tangtosna tiasa nyandak mangfaat kanggo Grup, boh di dunya mayana atanapi dina kaayaan nu saenyana.
Anggota tiasa ngintunkeun/mostingkeun/pintonan/status nu mangrupi seratan, poto atanapi gambar anu saluyu sareng papagon.
Anu ngagaduhan niat kanggo promosi produk atanapi jasa nu baris di wartakeun di Rohangan padepokan Baraya sunda (PBS), langkung tipayun kedah aya widi atanapi aya kasupaketan sareng Pangurus sateuacan watrana diapungkeun (diposting) di Rohangan PBS.

PAPAGON/ATURAN GRUP Padepokan Baraya Sunda (PBS).

1. Kintunan/postingan/pintonan sarta pairan/komentar wajib ngagunakeun Basa Sunda kajaba KALIGRAFI.
2. Diancam ngintunkeun/mostingkeun LOGO/GAMBAR PARTAI pon kitu deui kampanyeu politik. Kumargi bilih aya benten kamandang nu ngabalukarkeun pacengkadan.
3. Diancam ngintunkeun/mostingkeun anu aya unsur SARA. Suku, Agama, Ras antargolongan.
4. Diancam ngintunkeun/mostingkeun seratan, poto atanapi gambar anu aya unsur pornografi sareng pornoaksi.
5. Pikeun nu ngarempak/ngalanggar papagon, pangurus miboga wewenang :
A. Mupus kintunan/postingan nu teu uni nu ngalanggar kana papagon.
B. Ngaluarkeun anggota ti ieu Grup/rohangan.
7. Anggota Grup tiasa ngalaporkeun kintunan/postingan anu teu luyu sareng papagon ieu Grup.
8. Diwajibkeun ka sadaya anggora Grup nganggo basa sunda,, Maksad supados aya kaseragaman dina nyirikeun saluyuna Grup PBS.
maksadna supados saluyu sareng pisi misina Grup nu dipicinta ku baraya PBS

Baraya, ieu grup teh kanggo parawargi sadayana anu resep heureuy, bagi elmu-panemu, sareng ngobrol sabulang-bentor geusan ngaraketkeun tali silaturahmi sasama, hususna paraanggotana. Sumangga geura padungdung-makalangan. namung omat ulah kateuingan boh basana boh gambarna.Upami aya anggota anu nganggo basa kasar-emosional, pornografi vulgar, atanapi ngaplod gambar porno anu matak kabaca/katingal ku barudak atanapi nyigeung rasa batur, panuhun dipupus wae atanapi admin kagungan wewenang kanggo mupusna, malah dugi ka ngablokirna.
Tah, kitu Baraya... Bral, ah!!

Kana perhatosanana, Pangurus ngahaturkeun nuhun. Wilujeng aub di Grup Padepokan Baraya Sunda (PBS)