Dalem Sawidak dan Keturunannya

Indonesian is the main language of Dalem Sawidak dan Keturunannya facebook group. It is a CLOSED group. There are 167 participants in that group. So it is a Tiny group. 150530818322520 is the identifier of this group with Facebook. We last updated on 2015-02-28 10:14:24.

Assalamu'alaikum
Wilujeng sumping

Group ieu hangaja di damel kanggo anu rumaos gaduh katalian sareng sepuh urang nu namina Dalem Sawidak. Sugan we ku ayana group ieu urang janten apal saha sepuh urang tsb.

Sajabi ti eta, group ieu didameul kanggo ajang silturahmi kanggo dulur-dulur urang nu aya di lembur sarta baraya di kota nu tadina teu pendak tiasa amprok, nu tadina teu apal tiasa wanoh terutamina mah ulah sampe tumaros lewat group-group nu sanes tempatna.

Bangbaluh kalbu lalangse hate kasono nu nyoso
lubar ku silaturahmi
rundayan seuweu siwi Dalem Sawidak
nastini urang sungsi hiji-hiji
urang runut rundayananan
manawa sareng manawi
aya pameungkeut jataning asih tatali wargi
nu teu laas kapanasan teu luntur kaibunan
pageuh meungkeut ngaheuyeuk deuheues jeung nyangred duduluran.

Mugia ku ayana group ieu sing dijantenkeun waleran nu tadina urang teu apal, pangpangna mah supados urang teu pareumeun obor.

Sakumaha ceuk "Seratan Bubuka Babad Sukapura" karangan R. Kertinagara /R. Haji Abdullah Saleh atau Eyang Galonggong, ditulis pingl 8 September 1886 & disusun deui ku Sesepuh Garut Bapak Rd. Sulaeman Anggapraja.

"Ngadangding rundayan wargi, keur obor katurunan para putra putu, tamba leungit kawargian, biasana anu anom sok teu merdulikeun kana soal turunan.

Nanging lamun ayeuna ditulis, seug disimpen dina jero lesnar, najan henteu apal oge, tinangtu moal wudu sabab geus ayana tulis, supaya kersa maca, tangtuna katimu, kajaba lamun mumulan, henteu kersa maca, sumawonna nulis, tanwande moal terang.

Kajeun teuing sina buta tuli, montong sina aya kauninga, urang pada ngantep bae, sing cara budak lembut tulag tolog teu terang di wargi, bongan teu daek maca, sajarah karuhun, geus puguh lamun teu aya, dina buku aya oge mumul ngaji, sabab sieun diunghak."

Cag Heula....

oya, upami tiasa, tolong perkenalkan diri dari Dalem Sawidak putrana nu nomer sabaraha, supados tiasa wanoh & tepang jeung wargi urang. kapayunan bde dicatetkeun di ruang nu khusus...